Biantara Ngeunaan Ngalestarikeun Kasenian
Jawa Barat
Assalamu’alaikum Wr.Wb
Sateuacanna hayu urang panjatkeun puji
sareng syukur ka gusti Allah SWT. Anu atos maparinkeun
rahmatna ka urang sadaya dugi ka tiasa kumpul di ieu tempat. Henteu
hilap,shalawat sarta salam hayu urang curahkeun ka jungjunan urang
sadaya Nabi Muhammad SAW, kulawargana, sahabatna,sareng
umatna nepi ka akhir zaman
Hadirin anu di pikahormat,Dina dangeut
ieu, simkuring bade ngabahas ngenaan pentingna urang sadaya ngalestarikeun
kasenian tradisional,terutamana kasenian tarianna. Kasenian nyaeta salah sahiji tina
kabudayaan urang. Kasenian daerah masih keneh eleh saing ku kasenian
modern,kusabab kitu, diperlukeun pambelaan anu tiasa ngalestarikeun kapopuleran-nana di di zaman globalisasi anu makin maju.Atos waktosna Indonesia tiasa leuwih dikenal ku dunia luar, kusabab
budayana anu beunghar sareng unik. Salah sahiji budaya anu kudu
dilestarikeun nyaeta tarian khas daerah.
Indonesia ngagaduhan ragam tari khas daerah
anu teu acan tangtu sadayana jalmi
ngenal hiji-hiji eta tarian. Salain ti
budayana, di Indonesia beunghar ku ragam kasenian anu wajib di
lestarikeun ku urang sadaya
, khususna urang Jawa Barat. Di Jabar
oge, aya sakitar 300 jenis kasenian. Aya tilu jenis tarian tradisional
asal Jawa Barat nyaeta tari merak, topeng, sareng tari jaipongan anu
ngagaduhan popularitas anu kasohor di mancanegara. Jawa Barat
ngupayakeun, tiasa nampilkeun seni budaya nu sanesna di luar nagri.Tari jaipongan
anu kasohor pisan ngagaduhan ciri khas nyaeta ditarikeunna ku keceriaan,
humoris, semangat, spontanitas, sareng kasederhanaan. Jaipongan tiasa masihan
konstribusi anu seeur ka para panggiat seni tari supadaos tiasa leuwih aktif ngagali
jenis tarian rakyat anu sateuacanna kirang diperhatikeun.
Tari jaipongan, di manfaatkeun ku
para panggiat tari jang nyelenggarakeun kursus-kursus tari jaipongan. Tari topeng,disebat tari topeng kusabab panari-panarina nutupkeun rarayna ngagunakeun topeng. Tari topeng ngagaduhan ciri khas nyaeta
gerakan panangan anu lembut ku panari anu
gareulis, anu diiringan ku alunan musik rebab jeung kendang. Sedeungkeun tari
merak nyaeta tarian anu ngalambangkeun gerakan-gerakan ti burung merak sareng gerakan panangan anu
gemulai sareng iringan gamelan anu jadi ciri khas tari merak. Ku kituna urang kedah tiasa ngalestarikeun
kasenian daerah, khususna daerah Jawa Barat supaya eta budaya teh teu leungit
ku kaayaan zaman anu makin maju.
Rupina sakitu nu kapihatur, hapunteun
bilih aya kalepatan atanapi kalimah anu teu merenah kanu manah.
Wabilahi Taufik Walhidayah
Wassalamualaikum Wr.Wb
Nama : Siska Islami Nadhio
Kelas : IX-A
SMPN 1 Cianjur
Tidak ada komentar:
Posting Komentar